Utamakeun Adam Sateuacan Ilmu

Utamakeun Adam Sateuacan Ilmu

Assalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh.

Sadayana wargi Muslim rahimakumullah,

Alhamdulillah, hayu urang sami-sami muji sukur ka Allah Subhanahu wa Ta'ala, nu parantos maparin nikmat iman, Islam, sareng kasempetan pikeun diajar élmu. Shalawat salam mugia tetep ka junjungan urang Nabi Muhammad ﷺ.

Dina ieu kasempetan, sim kuring badé nyampeurkeun hiji tema penting dina kahirupan urang, utamina pikeun nu keur diajar, nyaéta:

"Utamakeun Adab Sateuacan Ilmu."

•Dalil Tina Al-Qur’an

Allah SWT ngadawuh dina Surat Al-Hujurat ayat 1:

يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا لَا تُقَدِّمُوا بَيْنَ يَدَيِ اللَّهِ وَرَسُولِهِ ۖ وَاتَّقُوا اللَّهَ ۚ إِنَّ اللَّهَ سَمِيعٌ عَلِيمٌ

Terasna hartina:

"Heh jalma-jalma anu ariman, ulah samagaha di payuneun Allah jeung Rasul-Na. Jeung sieun ka Allah. Saestuna Allah Mahadenge jeung Mahanyaho."

Ayat ieu ngajarkeun ka urang supaya sadar kana pentingna adab, henteu sagawayah dina nyarita atawa ngalakukeun naon waé saméméh ngukur kumaha hukumna dina Islam. Ieu ogé ditarjamahkeun ku para ulama salaku peringatan supaya ulah ngalakukeun naon-naon tanpa adab ka Allah jeung Rasul-Na.

Dalil Tina Hadits

Nabi Muhammad ﷺ nyarios dina hadits:

"Innamâ bu’itstu liutammima makarimal akhlâq."

(HR. Ahmad)

"Saestuna Kami diutus pikeun nyampurnakeun akhlak nu mulya."

Nyaéta misi utama Nabi téh lain saukur nyebarkeun élmu, tapi ogé ngadidik adab jeung akhlak nu hadé.

Imam Malik rahimahullah nyarios:

"Ta’allamtu al-adab qabla an ata’allam al-‘ilm."

"Kami diajar adab heula saméméh diajar elmu."

Abdullah bin Mubarak nyarios:

"Nahnu ila qalîlin minal adab aḥwaj minnâ ilâ katsîrin minal ‘ilm."

"Kami leuwih butuh saeutik adab tibatan loba élmu."

Ieu nunjukkeun yén ulama-ulama salaf (baheula) ngajadikeun adab salaku pondasi dina diajar élmu.

•Conto Adab Nu Kudu Dipigawé

Hormat ka guru, henteu motong obrolan.

Teu sombong, sanajan boga élmu nu luhur.

Jujur jeung lemah lembut dina nyarita.

Taat kana aturan jeung ngajaga waktu diajar.

Lamun urang geus diajar élmu, tapi teu boga adab, elmu éta bisa jadi mawa mudharat, teu aya berkahna.

Dulur-dulur nu dipikacinta ku Allah,

Elmu téh penting, tapi adab leuwih utama. Sabab elmu bisa diconto ku akal, tapi adab diconto ku haté. Hiji jalma nu loba élmuna tapi teu miboga adab, bakal dijauhkeun ku Allah jeung ku batur.

Jadi, hayu urang:

“Utamakeun adab saméméh diajar elmu, sabab adab téh konci berkahna élmu.”

Mugia urang sadaya dijadikeun jalma nu nganut adab nu mulya saméméh ngudag élmu.

Wassalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh.

Berita Popular

Advertisement